Iklan

Iklan

,

Iklan

Syamsul Ulum

Innalillahi! Pakar Man, Enya, Pa Karman

Redaksi
Sabtu, 13 Mei 2023, 09:49 WIB Last Updated 2023-05-13T03:17:14Z


Ku: Amin R. Iskandar,
Ketua Pimpinan Korkom IMM UIN Bandung Manten


TASIKMALAYA - Keur kuliah S1 sok pirajeunan tatarucingan. Cing geura teguh, saha di antara dosén UIN Bandung nu kasebut pakarna manusa? 


Dalah sénior-sénior di PK IMM UIN Bandung nu dalit gé, harita, teu ujug-ujug bisa neguh. Ngaharuleng. Saha kira-kira pijawabeunana? 


Pakar Man, jawabanana. Enya, Pa Karman! 


Kang Syafaat Rahmat Salamet minangka salah saurang nu ngaenyakeun téh. Bari mésem. "Tapi da enya kitu pisan Bapa éta mah kétang, Min," saurna. 


Kang Syafaat tangtu langkung paham kana kaweningan galih sareng kasaléhan spiritual-sosial Pa Karman. Puguh safakultas atuh da aranjeunna mah. Kang Syafaat mahasiswa Sajarah Peradaban Islam, Pa Karman dosén Fakultas Adab dan Humaniora. 


Kang Syafaat ogé minangka cukang nu nepungkeun kuring jeung Pa Karman. Duka taun sabaraha pastina mah. Légégna mah kuring téh (harita) Ketua PK IMM UIN Bandung. Matak wajib wanoh ka dosén-dosén nu aktif di Muhammadiyah. 


Perlu wanoh sotéh lain pédah kapentingan araheun, tapi nu leuwih utamana mah arahan. Sabab di sagédéngeun nampan (donasi) ogé sok perelu ku nara sumber dina unggal diskusi. 


Moal poho kumaha dramatisna harita. Kuring urang lembur bau lisung bari jeung dusun (introvert), kudu ngobrol jeung dosén. Kang Syafaat ngan saukur muka obrolan, terus ngawanohkeun kuring, "Ketua IMM nu anyar," cenah. 


Ka dituna, bingung naon nu kudu diomongkeun. Kang Syafaat hayoh nyigeungan, kuring hayoh ngabetem. Késang mimiti renung: dina tonggong, dina taar, dina kélék jeung sajabana. Rohangan nu sakitu heureutna téh asa simpé kacida. Pada-pada nungguan kuring kedal ucap. Tapi, naon nu kudu diomongkeun? Lima tepi ka 10 menit baé mah beuki poék. 


Ka dituna mah biasa baé. Kuring mimiti wanter. Sasat losbot ka Fakutas Adab dan Humaniora téh. Sering ngangkir Pa Karman ka sékretariat. Atawa ka mana baé mun kabeneran pengkaderan (Darul Arqom Dasar at. DAD). 


Matak resep ngabandungan kamandang Pa Karman mah. Sawanganana lega, tapi deuih mawa tiis kana haté. Da saur anjeunna, ari dakwah mah kudu mawa saloba-lobana jalma, lain kalah nyieuhkeun. 


"Aya kader di hiji masjid ngadongéng. Cenah alhamdulillah masjid téh tos beunang ku urang-urang, nu ngurusna. Jamaah nu heubeul tos nyaringkah. Ku bapa ditanya, ayeuna jamaahna sabaraha urang? Aya limaan, cenah. Ari asalna sabaraha urang? Langkung ti 20 urang gé. Ari ceuk bapa, manéh mah teu balég. Éta mah hartina gagal dakwah téh (........)," kitu di antarana lalakon Pa Karman nu masih kénéh kuring inget. 


Enya, saur Pa Karman, sumanget dakwah mah kudu siga sumanget lambang Muhammadiyah. Mangtaun-taun anjeunna nyoba nyurahan, naha kudu matahari atuh lambang Muhammadiyah téh? Geus muka rupa-rupa sumber, nanya rupa-rupa tokoh; jawabanana teu matak nyugemakeun anjeunna. 


"Na atuh, kakara kaharti téh sabada ngalenyepan salah sahiji lagu Iwan Fals. Aya lagu anu judulna 'Seperti Matahari'. Di dinya ditétélakeun yén tabéat matahari mah nyaangan sakabéh alam dunya (yang menyinari bumi)," saurnah. 


Écésna mah dakwah téh ulah cueut ka nu hideung ponténg ka nu konéng. Somah-ménak boga hak pangajaran nu sarua. Rék nu soléh rék nu bangkawarah, sarua sanghareupaneun. Kari carana baé nu bisa ditarima ku masing-masing golongan. Teu kudu miharep buruhan. Da apan matahari gé ihlas baé nyaangan alam dunya. 


Dina Musywil Muhammadiyah Jawa Barat di Tasikmalaya, kuring minangka tim Media Center dina kapanitiaan. Haté téh asa hayang teuing Pa Karman kapilih kana formatur. Bari minangka tim media mah kuring bisa ngiklankeunna deuih. 


Tapi da éta mah, Pa Karman ku anjeun nu alimeun. Wios da teu kedah kampanyeu di Muhammadiyah mah, cenah. Barina gé ari kalungguhan mah ulah hasil hayang, kumaha ceuk umat baé. 


Ngan, horéng dina tasna tos aya buletin. Duka sabaraha ratus éksemplar, da kandel. Dikaluarkeun sapoé saacan pamilihan. Bari amanatna, "Ieu mah sanés kedah disebarkeun ka peserta. Mangga waé candak, bilih engké dinten Jumaah badé disimpen di masjid, di mana baé, mangga," saurnah. 


Amanatna dilaksanakeun. Sawaréh mah aya nu dibagikeun ka peserta Musywil. Da puguh tulisanna saé. Tapi teu réa. Ka nu butuh baé. Bari taya sugan kedal paréntah kudu milih Pa Karman. 


Abong geus kuduna, hasil Musywil téh netepkeun Pa Karman salah sawios di antara réngréngan formatur. Teras janten pimpinan di PWM Jabar sareng Pa Ayat Dimyati katut nu sanésna. 


Ti harita, asana teu pati sering tepang, sareng Pa Karman téh. Kakara awal taun 2023 kénging wartos ti Kang Acé Somantri, pajar Pa Karman tos lami teu damang wales. Teu tiasa ka mamana. "Saya gé can kaburu waé ngalongok. Puguh arék mentingkeun ah jeung istri, ngalongok Pa Karman," saur Kang Acé, harita, di UM Bandung. 


Kuring gé sarua. Ti méméh lebaran téh ngaajam dina haté, "Ah engké mun ka Bandung rék mentingkeun ngalongok Pa Karman. Hanas tos hilapeun, teu jadi sual. Da ilahar guru kalinglap ku murid mah. Mun sabalikna, kabina-bina."


Dinten kamari, kénging wartos Pa Karman sah ti dunya, sampurna. Innaalillaahi wainnaailaihi roojiuunnn... Wilujeng mulih, Pa. Mungguh Alloh nu langkung uninga cara ngamulyakeun umatNa anu saléh. Nyakséni ti kawit gé, Bapa mah jalmi saléh. 


Mugia Allog ngahapunten saniskara dosa perdosa, Bapa. Kalayah ginulur Rohmat sareng Karidoan. Alloh nyaang padangkeun alam kubur Bapa. Rahayu, narawangan. ***

Iklan